Rabu, 11 Mei 2011

Tatarucingan 2

Lajengkeun ahh
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
21. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu
keur ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo teu ? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da
nu kempes teh ditiup deui)
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (kusabab cape mikiran
kumaha carana hayang miheulaan ban hareup) 

Tatarucingan 3

55. Buah naon anu tara diala? (Buah murag)
56. Piramida di jerona aya harta karun. (Bacang)
57. Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal ti
titinggi, naon sababna? . (Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna)
58. Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat( Remeh napel dina
kareta api nu keur maju)
59. Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan? (Tukang maok)
60. Ti peuting asak ti beurang atah. (Lampu bohlam)
61. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud. (Obat nyamuk)
62. Sukuna hiji, panonna tilu. (Lampu setopan)
63. Ka handap muka ka luhur nutup. (Seleting)
64. Maju eleh, mundur meunang. (Nu keur lomba tarik tambang)
65. Aya manuk 10 ditembak hiji, tinggal sabaraha? (Euweuh hiji-hiji acan da
kaburu hiber)
66. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya? (Incuna kuman nu teu dahar
saminggu)
67. Aya anjing begang, anjing lintuh, anjing jangkung, anjing pendek,)
jeung anjing edan rek nyokot tulang. Pangheulana anjing mana? (Anjing baseuh)
68. Kapal naon anu teu bisa ngapung? (Kapal nu mesinna ruksak)
69. Hideung, leutik, bahaya. (Sireum napel dina bom)
70. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing? (Eleketek heula, nu
seuri eta huluna)
71. Naha superman bajuna make hurup “S”? (Sabab mun XL mah bakal logor teuing)
72. Hiji diala ari loba teu diala. (Huis)
73. buah naon anu sok diwedak? (Kesemek)
74. Tangkal naon anu sok dipikasieun? (Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput
maung)
75. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon? (Neangan kukuna nu sok
dibabawa ku tukang jamu)
76. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina
beuteung. (Orok nu keur dikakandung ku indungna)
77. Sapedah naon anu bisa ngapung? (Sapedah anu ditalian kana 1000 balon gas nu
keur ngapung)
78. lauk naon anu bisa hiber? (Lauk Indosiar)
79. Kuda naon anu teu bisa lumpat? (Kuda nu dicangcang)
80. Ari nakol bedug aya sabaraha warna? (Ti luarna)

81. Minyak naon anu rame? (Minyaksikan pertandingan sepakbola)
82. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon? (Minumpas kejahatan)
83. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema? (Hayam leungit)
84. Naon bedana onta jeung kangkung? (Onta mah di Arab, kangkung mah diurab)
85. Tukang naon anu teu bisa ngitung? (Tukang poto)
86. Kalong naon anu pinter maen bal? (Kalonggak beckham ya…Del Piero)
87. Bisa naek teu bisa turun. (Haji)
88. kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina? (Kasur ini
rusak)
89. Gajah naon anu sukuna dua? (Gajah nu keur keprok)
90. Hurup naon anu ngeunah? (Nya T)
91. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna? (Sabab
sieun S-na leeh kapanasan)
92. Leutik bodas pikasieuneun. (Sireum nu napel dina huntu maung)
93. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah? (Setandar)
94. Sato naon anu pangharam-haramna? (Anak bagong euweuh bapaan)
95. Hayam naon anu sukuna 1002? (Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
96. Rancung lain landak, hejo lain tentara. (Kaktus)
97. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani. (Bebegig)
98. Kasur naon anu matak nyeri? (Kasura)
99. Palu naon anu bisa pidato? (Pa Lurah)
100. Akar di luhur, pucuk di handap. (Janggot)
101. Asup tarik kaluar laun. (Leho)
102. Bisa turun teu bisa naek. (Hujan)
103. Boga sisit lain oray, boga makuta lain raja. (Ganas)
104. Budak dugul loba kutu. (Onde-onde)
105. Diasupkeun hejo, dikaluarkeun beureum. (seupah)
106. Dicabak aya dilieuk euweuh. (Ceuli)
107. Dicukur buluan, teu dicukur dugul. (Kadongdong)
108. Dipeuncit hirup, teu dipeuncit paeh. (Rebab)
109. Disebut sakali hirup, disebut dua kali paeh. (Kuda)
110. Ditakol nyendol teu ditakol nyendol. (Goong)
111. Diudag lumpat didagoan cicing. (Kalangkang)
112. Gunung bitu, bandera kekelebetan. (Nu keur ngakeul sangu)
113. Hiber lain ku jangjang, balik lain ku suku. (Langlayangan)
114. Indungna cicing anakna ancul-anculan. (Lisung jeung halu)
115. Nangkub dieusi nangkarak kosong. (Kopeah)
116. Oray hejo panonna loba. (Peuteuy)
117. Samak saheulay, lampuna mangrebu-rebu. (Langit) 

Tatarucingan 1

Hatur nuhun ka anu gaduh tatarucingan... niron nyaaa..
hatur nuhun..
asal ti dieu

1. naon bedana helikoptern jeung erok awewe ???
lamun helikopter mah makin luhur makin teu katingali…
sedengkeun erok awewe, makin luhur makin katingali,,,
2. mimitina huruf “M”, tungtungna huruf “K”, tengah-tengahna aya kacangan….
“M”artaba”K”…!!
3. naon bedana leungeun awewe jaung daun gedang ??
lamun daun gedang keur ngaempukeun daging…
lamun lengen awewe keur ngaheraskeun daging, wakakakkakaka
4.Siki Naon Anu Panggede na???, tapi Ulah Protes nya!”
siki kanyut anu burut.,,.,,.heuheuheuheu.,.,.,,,,,,,,. Jorang ahhhh
5. Tukang naon anu sok jejengkean?
hayoo naoonn
tukangeun tembok bari noong..hehe
6. ucing, lamun turun tina tangkal, naona heula?? aya nu terang teuuuuu
UCINGNA heuLa atuh,,., piraku ari tangkalna heuLa mah,.,.., hahaha^_^..
salahh tehh .. salah,, nya naek-na heula,,
7. “bom ti heula rakyat paneuri”,,,,naond cing????...
heheh nya hitut atuhhhhhhhhh.... wakakakkaa


8 didorong te kadorong di arik teu ka tarik tapi ari ditiupmah maju naon cing ????
kareta apiiii
9.kembang naon…tikadeukeutan beureum, ari ti kajauhan hejo….
Salah Neuleu.. wkakakaka… :D
10  Batu sakilo jeung kalapa sakilo mun ninggang suku nyeri mana..?
Nya nyeri suku atuh…
11 Kunaon margina mobil atanapi motor upami di stopan lampuna bereum beut ereun ….
sabab aya pulisi, lamun euwueh mah da tuluy we
12.hejo,hideng,koneng,
naon tah??
orang negro modol na jukut
13. Kunaon tukang baso nakolan mangkok?
Kulantaran tukang baso mah teu bogaeun piring…..!!!

Jumat, 06 Mei 2011

Rabu, 04 Mei 2011

Blueberry Coklat

Hmmm kali ini aku mencoba bikin blueberry coklat kukus..
Perpaduan blueberry yang seger sama coklat yg manis.. cucok dehhh.
ini dia resepnya.
Bahan :

Untuk loyang Dia 18 tinggi 4 cm

6 butir telur
120 gram gula pasir
80 gram Terigu
30 gram coklat bubuk
20 gram tepung maizena
1/2 sdt backing powder

50 gram DCC . ditim
100 gram mentega (dicairkan)
campur jadi satu

50 gram meses
100 gram blueberry
 chery untuk hiasan

Cara membuat :

1. kocok telur dan gula pasi sampai mengental. atau berjejak.
2. sambil telur dikocok, panasakan panci.jangan lupa tutup panci dilapis serbet ya.
3. kalo adonan sudah mengembang, kecilkan mixer. lalu masukan campuran tepung terigu,
coklat bubuk, maizena dan BP bergantian
 dengan campuran DCC dan mentega.matikan mikser. aduk memakai spatula sampai semua bahan tercampur rata.
   pelan2 aja ya nanti adonan turun lo
4. masukan setengah adonan kedalam loyang yang sudah dilapisi mentega.lalu kukus 10 menit.
5. setelah sepuluh menit, taburi atasnya dengan meses, lalu masukan sisa adonan. Kukus kurleb 30 menit.
6. setelah matang. angkat kue dan dinginkan.
7. setelah dingin, olesi permukaan kue dengan blueberry dan hiasi dengan chery.

Cat, Jika blueberry nya terlalu kental, tambahkan beberapa sendok air, sampai kekentalan yg diinginkan.

Selamat Mencoba.. Yummyyyyyyy