Rabu, 11 Mei 2011

Tatarucingan 2

Lajengkeun ahh
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara. (Toge)
2. Hayam naon anu sukuna sarebu? (Hayam keur pawey)
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon? (Korong)
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan? (Sabab banna buleud)
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur? (Sato nu nukangan tembok)
8. Batu naon anu teu aya di cai? (Batu garing)
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor? (Oray nu ngalegleg linggis)
12. Hayam naon anu sukuna hiji? (Hayam nu keur jengke)
14. Gajah tumpak beca, gede naonna? (Gede bohongna)
15. Baso dibalikkeun jadi naon? (Bahe)
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena? (Peureum)
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku? (Manuk anu katincak)
21. Sapi naon anu bau? (Sapiteng)
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ? (Piringatan 17 Agustus)
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang. (Tai kotok napel dina tihang listrik)
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun. (Kacamata)
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon? (Hujan-heujeun)
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki? Buahenol
33. Jalma meuli kasur keur naon? (Keur beunta)
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah? (Kutu)
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok? (Ku sendok)
40. Kaca naon anu nyeri? (Kacabok)
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap? (Mun nangtung mah nabrak kapal nu
keur ngapung)
42. Kaca naon anu seungit? (Kacapiring)
43. Kaca naon anu pangbeuratna? (Kacalikan gajah)
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo teu ? (Bisa, lamun kiloanana ruksak)
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui? (Kari 9 da
nu kempes teh ditiup deui)
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul? (kusabab cape mikiran
kumaha carana hayang miheulaan ban hareup) 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar